PAGUNEMAN LANJUTAN

  1. Paguneman dina Prosa

Srog rombongan Bapa Naib datang ka rumahsakit. Kasampak Suganda geus aya keur diuk dina bangku.
“Ih geuning Ujang! Kang Encu ieu Jang Ganda!”
“Iraha ka dieu, Jang?” ceuk Samsu.
“Tadi, nyubuh.”
“Geuning kamari teu béja-béja?”
Suganda teu némbal.
“Teu ka sakola?”
“Permios sadinten ieu.”
“Aya naon?”
“Badé diparios dokter.”
“Ku naon, gering?”
“Badé diala getih.”
Diala getih? Naha...?”
“Kanggo....”
“Keur Enéng?”
Suganda unggeuk. Bapa Naib nyampeurkun, nyekel taktak Suganda. Teu lémék teu nyarék. Ngan socana baé baseuh.
“Teu nyeri Jang, diala getih téh?” cek Si Édo sanggeus Bapa Naib ngajauhan.
“Nyao, da acan. Kakara gé rék dipariksa.”
“Naha nya, maké dipariksa heula sagala...?”
“Bisi teu akur kapan?”
“Teu ngarti; teu akur téh teu akur naonana? Lain sarua getih jelema téh?” ceuk Si Édo bari ngarérét ka Bapa Naib, nu dirérét ngalieus semu éra, asa keukeuh baé kasindiran.
“Bisi teu akur golonganana… Pan aya golongan A, golongan B, golongan… naon deui …”
(Dicutat tina novel Payung Butut, karangan Ahmad Bakri, penerbit Rahmat Cijulang, taun 1991, kaca 73-74)

  1. Paguneman dina Puisi

Indung jeung Anak

Anak:
Ema naon eusi langit
jeung di mana tungtung langit
Katut béntang nu baranang
Indung:
Teu jauh ti dada ema
eusina napas jeung getih
béntang teu jauh ti ujang
Anak:
Ema saha nu boga langit
jeung béntang anu baranang
saha nu boga bulan
katut beurang jeung peutingna
Indung:
Kapan sagala nu ujang
paéh hirup anu ujang
(Dicutat tina buku kumpulan sajak Lalaki di Tegal Pati, karangan Sayudi, penerbit Rahmat Cijulang, taun 1983, kaca 16).

  1. Paguneman dina Drama
(Kacaritakeun di wewengkon Jampang awal abad ka-18. Prawatasari jeung sawatara baladna keur aya di tempat panyumputan. Garwana ogé harita aya.)
Prawatasari                 :     (Bari lajag-léjég bangun aya nu ditungguan, nyarita sorangan) Teu bisa diantep…, teu bisa diantep! Baheula urang kumawula ka batur, ayeuna kudu sumuhun dawuh ka Kumpeni. Teu bisa! Hina! Hina! Leuwih hina batan kulit lasun di jarian! (ka Panatayuda) Panatayuda, kumaha ceuk andika!
Panatayuda                 :     Ku émutan mah, sumuhun kitu!
Prawatasari                 :     Kitu téh kitu kumaha Panatayuda?
Panatayuda                 :     Sumuhun, urang téh bakal kacida hinana mun daék dijajah ku Walanda. Hirup di lembur sorangan, naha bet kudu diatur ku batur. Hina sanggem abdi mah!
Prawatasari                 :     Kumaha pamanggih Kyai? Naha teu salah upama urang ngalawan ka Walanda?
Kyai                                 :     Salah lebah manana? Wajib hukumna nurutkeun agama mah ngabéla lemah cai jeung bangsa téh. Naha bangsa urang téh arék kieu baé saterusna? Dijajah deungeun? Kapan ceuk agama ogé ….
Puragabaya                 :     Eu.. eu…. Moal robah nasib hiji kaom, lamun éta kaom teu ngarobah nasibna sorangan. Kitu lain, Kyai?
Kyai                                 :     Enya kitu pisan, Puragabaya! Calakan andika!
Prawatasari                 :     Tékad kula gé geus buleud, Walanda kudu dilawan. Tapi sakapeung sok ras inget ka rahayat, tangtu bakal kabawa susah, anak pamajikan geus tangtu milu sangsara, karunya!
Garwa Prawatasari   :     (Ngoréjat cengkat. Maju nyaketan Prawatasari. Sikepna dangah. Ludeung. Sorana ngoncrang) Naon nu disaurkeun nembé téh, Kang? Sieun kuring sangsara? Perang ngalawan kadoliman mah sanés sangsara atuh, Kang, kabagjaan éta mah. Pikeun kuring, wanoja terah Pajajaran, leuwih hadé hilang tinggal ngaran, ti batan hirup jadi bangsa jajahan.
Prawatasari                 :     Heug pamadegan Nyai kitu, ari Si Ujang kumaha? Mangkaning leutik kénéh, karunya meureun dibawa kakaburan ka leuweung?
Garwa Prawatasari   :     (Sasauranana beuki ngoncrang. Sumangetna ngagedur) Tada teuing hinana Si Ujang mun jaga nyahoeun yén nu jadi bapana: Radén Haji Prawatasari, teu wani merangan Walanda nu ngajajah, lantaran karunya ka…. anakna!
Prawatasari                 :     Sukur! Tétéla Nyai pamajikan Akang nu satia tur gedé wawanén. Nyarita kitu sotéh akang mah keur ngajugjugan haté Nyai enggoning ngabéla bangsa jeung nagara. Ari geus kitu mah, teger haté Akang téh.
Kyai                                 :     Alhamdulillah, urang saréréa jadi jelema nu boga wawanén pikeun mancegkeun kahormatan diri. Alhamdulillah!
(Keur kitu torojol Tanuwijaya haruhah-haréhoh. Meus-meus ngalieuk ka tukang bangun aya nu dipikasieun.)
Prawatasari                 :     Tanuwijaya, aya naon?
Tanuwijaya                  :     (Ka Puragabaya jeung Panatayuda) Jaga di lawang kampung. Gancang, babaturan béjaan kabéh. Musuh keur kadieukeun!
(Puragabaya jeung Panatayuda rusuh kaluar!)
Prawatasari                 :     Musuh? Walanda? Geus lebah mana?
Tanuwijaya                  :     Bieu téh kaula dibawa patroli ku Kaptén Scipio. Lebah léngkob éta tah! Kaula bébéja heula hayang ka cai, berebet wé ka dieu, rék ngabéjaan andika. Ayeuna mah jig geura indit, meungpeung can poék. Engké panggih deui di Pakidulan Galuh. Kaula indit deui ayeuna, lila teuing mah bisi curigaeun! Assalamu’alaikum!
Nu araya                       :     Wa’alaikum salam!
Prawatasari                 :     Hayu urang miang!
Kyai                                 :     (Ngaréndéng jeung Prawatasari) Geus kasawang ti ayeuna pijalaneun ka sawarga, paéh sahid dina ngabéla bangsa, nagara, jeung agama. Allohu Akbar!
Saréréa                         :     Allohu Akbar!
(Dicutat tina drama “Sancang ti Jampang” karangan Rieza Darajat)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PANUMBU CATUR

KARAKTERISTIK BIOMA DUNIA

PENGETAHUAN DASAR PEMETAAN (PETA)