BIANTARA

RINGKESAN MATERI BASA SUNDA
BIANTARA

Biantara atawa pidato téh nyaéta nyarita di hareupeun balaréa, bari aya maksud jeung tujuan nu hayang ditepikeun.
Jenis biantara aya dua nyaéta biantara resmi jeung biantara teu resmi. Biantara resmi contona biantara dina rapat dinas. Biantara teu resmi contona biantara dina acara ulang taun.
Métodeu/téhnik nepikeun biantara aya opat nyaéta: ku cara diapalkeun, maca téks, ékstémporan (nyatet hal-hal penting), jeung impromtu (spontan/langsung teu maké téks).
Struktur biantara nu geus tangtu nyaéta: bubuka, eusi, jeung panutup.
Conto bagian tina struktur biantara :
BAGIAN BUBUKA
  1. Salam Bubuka : Assalamu’alaikum wr.wb.
  2. Mukadimah : Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na  dzubillahi min syururi anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah. Langkung ti payun, puji sareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Ku rahmat sareng hidayah-Na urang sadaya tiasa ngempel di ieu tempat dina kaayaan séhat wal’afiat. Sholawat miwah salam mugia tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, parasohabatna, tabi’in tabi’atna, tur ka urang sadaya sadaya salaku umatna.
  1. Salam Panghormat : Bapa Camat, para Kadés sa-Kecamatan Bojong Salak, ogé teu hilap ka sadaya warga Désa Leuwidaun anu ku sim kuring dipikahormat sareng dipikareueus.
  2. Ngahaturkeun nuhun ka panata acara : Sateuacanna sim kuring ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos masihan waktos sareng kasempetan kanggo ngadugikeun biantara.
BAGIAN EUSI
  1. Maksud jeung Tujuan : Sim kuring ngadeg di ieu panggung téh kanggo ngadugikeun pangbagéa ka sadaya dina raraga miéling poé Kamerdékaan RI ka-73.
  2. Eusi : Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat, dina dinten ieu urang terang yén kaping 17 Agustus 1945 nagara urang merdéka tina penjajahan. Para pajoang urang kapungkur tos ngorbankeun sagala-galana pikeun kamerdékaan nagara Indonésia. Dugi ka ayeuna urang sadaya tiasa ngararaoskeun nikmatna hirup minangka hasil tina kamerdékaan.
BAGIAN PANUTUP
  1. Ngahaturkeun nuhun ka hadirin : Sim kuring ngahatur nuhun ka Pa Camat, Pa Kadés anu parantos ngersakeun sumping, ogé teu hilap ka sadaya warga Désa Leuwidaun. Mugia Gusti masihan ganjaran kasaéan. Aamiin.
  2. Sanduk-sanduk bilih aya kalepatan : Rupina cekap sakitu pamapag ti sim kuring, bilih aya langkungsaur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun, mugi jembar pangampura.
  3. Dunga : Mugia nagara urang salawasna nanjeur tur aya dina panangtayungan Gusti Nu Maha Suci. Aamiin.
  4. Salam Panutup : Wassalamu’alaikum .Wr.Wb.
Léngkah-léngkah dina nyusun téks biantara:
  1. Téma atawa topikna kudu aktual
Téma kudu diluyukeun jeung kaayaan atawa pasualan anu keur haneut atawa jadi bahan obrolan jalma réa.
  1. Jieun rangka karanganana
Jieun rangka karangan biantara dina wangun kalimah-kalimah anu diluyukeun jeung situasi sarta kondisi di mana ditepikeunana éta biantara, anu strukturna: bubuka, eusi, jeung panutup.
  1. Eusina pepel jeung mundel
Biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba mangpaatna.
  1. Gunakeun basa nu hadé
Basa nu digunakeun dina biantara téh kudu hadé, sopan, jeung matak pikaresepeun.
Sangkan dina nepikeun biantara téh hadé jeung tartib, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun ku urang, di antara nyaéta:
  • Sora (artikulasi) kudu jelas tur kadéngé ku balaréa.
  • Lentong (intonasi) kudu merenah, ulah nepi ka biantara dina basa Sunda ari lentongna basa Indonésia.
  • Ngatur gancang henteuna atawa tarik halona omongan.
  • Pasemon (éksprési) kudu luyu jeung eusi biantara.
  • Gerak awak (géstur) kudu merenah, henteu kaleuleuwihi.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PANUMBU CATUR

KARAKTERISTIK BIOMA DUNIA

PENGETAHUAN DASAR PEMETAAN (PETA)