PANUMBU CATUR

PANUMBU CATUR

Panumbu catur atawa sok disebut moderator téh nyaéta nu ngatur lumangsungna kagiatan diskusi atawa rapat. Tugasna béda jeung panata acara atawa MC (Master of ceremony). MC mah tugasna mingpin sakabéh runtuyan acara. Ari tugas utama panumbu catur mah minangka panengah atawa wasit dina kagiatan diskusi. Nya panumbu catur pisan anu ngatur diskusi ngeunaan hiji masalah.
Dina lumangsungna kagiatan diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral atawa teu mihak ka salasahiji pihak. Lamun aya konflik dina lumangsungna kagiatan, kudu bisa merenahkeun diri jadi panengah.
Saméméh ngalaksanakeun tugas jadi panumbu catur, aya sawatara hal anu perlu dilakonan, di antarana:
  1. Ngawasa masalah anu luyu jeung téma kagiatan. Hadéna mah urang geus maca heula makalah atawa matéri unggal narasumber.
  2. Mikanyaho kaayaan pamilon nu hadir dina kagiatan diskusi. Moderator kudu bisa ngatur pamilon sangkan sumanget dina miluan kagiatan diskusi.
  3. Mikanyaho riwayat hirup jeung kalungguhan/pagawéan narasumber, sangkan teu salah nyebut ngaran atawa pagawéan narasumber.
  4. Mikanyaho runtuyan acara, lilana waktu anu disadiakeun pikeun unggal narasumber, tanya-jawab, istirahat, jeung bisa ngatur suasana diskusi.
  5. Nyiapkeun buku catetan pikeun nyatet poko-poko penting nu ditepikeun ku narasumber jeung pertanyaan anu diajukeun ku hadirin.
  6. Nyiapkeun papakéan anu sopan luyu jeung téma kagiatan, sarta alat panuduh waktu sangkan acara bisa lumangsung luyu jeung jadwal nu geus ditangtukeun.
Sedengkeun anu kudu dilakonan ku panumbu catur dina lumangsungna kagiatan diskusi, nyaéta:
  1. Datang leuwih ti heula ti batan pamilon.
  2. Mariksa sagalarupa hal nu ngadukung lumangsungna diskusi: sound system (mikrofon), buku catetan, ngatur hadirin sangkan tartib, jeung sajabana.
  3. Ngawanohkeun diri ka narasumber saméméh dimimitian acara, sangkan urang leuwih akrab dina lumangsungna diskusi.
  4. Maca heula biodata unggal narasumber kalawan bener.
  5. Ngatur diskusi, ngatur nu nanya, jeung bisa jadi panengah upama aya konflik jeung bébédaan pamadegan atawa pamahaman.
  6. Nyindekkeun hasil diskusi.

Dina prak-prakan jadi panumbu catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha bagian, nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan nanya ka
pamilon, jeung panutup.
Sangkan leuwih tétéla, ieu di handap dijelaskeun pancén atawa tugas panumbu catur dina ngatur lumangsungna hiji kagiatan diskusi. Engké pék ku hidep praktékkeunjeung babaturan.
  1. Bubuka.
Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
  1. Ngawilujengkeun ka pamilon jeung nepikeun pedaran singget kagiatan diskusi.
Wilujeng sumping ka para pamilon ieu diskusi. Ieu diskusi téh dilaksanakeun lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu beuki dieu téh beuki ruksak, di antarana dilantarankeun ku miceun runtan di mana waé, nu antukna nimbulkeun caah atawa banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan urang bisa ngajaga lingkungan sangkan beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun musibah.
  1. Ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi.
Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’.
  1. Méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri.
Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép Soléhudin, badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.
  1. Méré kasempetan nanya ka pamilon
Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber. Tong hilap sebutkeun nami sareng ti mana asal.
  1. Panutup
Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Mangga nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum wr.wb.

Komentar

  1. terimakasih,contohnya sangat membantu.

    BalasHapus
  2. Si Teteng makan kayu ...teng kyu. @Ali Hanafiah

    BalasHapus
  3. Terima kasih, sangat bermanfaat. Izin saya jadikan patokan tugas B.Sunda saya ya..

    BalasHapus
  4. Terimakasih bangeet, sangat membantu :)

    BalasHapus
  5. Arigatou gozaimasu, nya teteh😁🙏

    BalasHapus
  6. terimakasih kakak, jadi bisa jawab tugas ku :)

    BalasHapus
  7. Alhamdulilah jang besok ka payun tinggal ni ngali nu iye bae bubukana

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

KARAKTERISTIK BIOMA DUNIA

PENGETAHUAN DASAR PEMETAAN (PETA)