Postingan

Menampilkan postingan dari November, 2018

DONGENG LANJUTAN

Putri Uyah Jaman baheula aya Raja Sepuh nu kacida welas asihna ka pala putrana. Ari putrana aya tilu, kabéhanana ogé awéwé. Hiji mangsa, Raja ngangkir putra-putrana sina ngariung, masamoan di karaton jeung kulawadetna. Ku Raja éta anak-anakna téh rék ditanya soal kanyaahna ka manéhna. Sanggeus kabéh ngariung, Raja mimiti nanya ka anak-anakna saurang-saaurang. Mimitina nu ditanya téh anakna nu bungsu. Ceuk Raja, “Nyai, cing nyarita. Sakumaha kanyaah Nyai ka Ama téh?” Putri bungsu ngajawab, “Ah, Ama. Kanyaah abdi ka Ama euweuh babandinganana.”  “Ih, sebutkeun wé siga kumaha kanyaah Nyai ka Ama téh, ulah asaasa.” “Dina aya babandinganana ogé, tangtu éta babandingan téh moal bisa nandingan kanyaah abdi ka Ama.” “Teu lumrah, piraku teu bisa dibandingkeun jeung nanaon mah,” témbal Raja. Putri Bungsu ngahuleng. Heuleut sajongjongan, pok manéhna nyarita deui. “Kieu waé atuh Ama. Upami keukeuh kedah aya babandinganana, kanyaah abdi ka Ama téh lir ibarat kanyaah abdi ka panon