SISINDIRAN

SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap “sindir”, hartina omongan anu dibalibirkeun, henteu langsung kana pamaksudan atawa henteu togmol. Jadi, sisindiran téh nyaéta karya sastra wangun puisi nu diwangun ku cangkang jeung eusi, diwengku ku pada (bait) jeung padalisan (baris), sarta unggal padalisan umumna 8 engang (suku kata).
Dina sisindiran mah eusi atawa maksud nu rék ditepikeun téh dibungkus ku cangkang, sangkan omongan téh katarimana henteu matak nyinggung atawa matak nyeri haté. Ari wangun sisindiran kabagi jadi tilu rupa, nyaéta rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan.

Rarakitan
Rarakitan téh sisindiran nu diwangun ku dua padalisan cangkang jeung dua padalisan eusi. Ari asal kecapna tina ‘rakit’ atawa ‘sarakit’, anu hartina sapasang. Pangna disebut rarakitan lantaran aya kecap anu ‘sarakit’ atawa sapasang, maksudna nyaéta aya kecap anu dibalikan deui dina cangkang jeung eusi, utamana kecap mimitina.
Geura tingali contona di handap:
Sing getol nginum jajamu,  padalisan ka-1
nu guna nguatkeun urat.  padalisan ka-2
Sing getol néangan élmu, padalisan ka-3
nu guna dunya ahérat.  padalisan ka-4
Tina sisindiran di luhur, katingali aya kecap ‘sing getol’ dina padalisan kahiji, anu dibalikan deui dina padalisan katilu. Kitu ogé kecap ‘nu guna’ dina padalisan kadua, dibalikan deui dina padalisan kaopat.
Conto Ka-2 :
Ti batan ka Rajagaluh,
mending gé ka Sukahaji.
Ti batan ulin teu puguh,
mending gé diajar ngaji

Paparikan
Paparikan téh asal kecapna tina ‘parik’, hartina parek atawa deukeut. Disebut paparikan téh lantaran sora kecap nu aya dina cangkang padeukeut jeung sora kecap nu aya dina eusi.
Geura tingali contona di handap:
Kelewih jeung siki sentul,  padalisan ka-1
campedak dikaparakeun. padalisan ka-2
Tebah-tebih abdi nyusul,  padalisan ka-3
tos pendak disapirakeun. padalisan ka-4
Tina sisindiran di luhur, katingali sora kecap ‘kelewih’ dina padalisan kahiji, padeukeut jeung sora kecap ‘tebih-tebih’ dina padalisan kadua. Kitu deui sora kecap ‘campedak’ dina padalisan kadua, padeukeut jeung sora kecap ‘tos pendak’ dina padalisan katilu.
Conto nu sejen :
Aya listrik di masigit,
caangna ka pabrik Cina.
Itu istri jangkung alit,
Aya karang na pipina.
Dagang seureuh papatungan,
cangkaléng laku sasiki.
Euleuh itu popotongan,
dikaléng ku aki-aki.

Wawangsalan
Wawangsalan mah diwangun ku dua padalisan, sajajar cangkang, sajajar eusi. Dina wangun wawangsalan mah dina padalisan cangkang téh ngandung tatarucingan (tetebakan), ari dina padalisan eusi ngandung ‘wangsal’ nu kudu dijawab. Wangsal téh kecap nu sorana murwakanti (deukeut) jeung eusi tatarucingan téa.
Geura tingali contona di handap:
Tokyo ibu kotana, kalimah cangkang (tatarucingan)
tos tepang teras paanggang.  kalimah eusi, wangsalna Jepang
Tangtu wé urang bisa neguh/nebak yén nagara anu ibu kotana Tokyo téh nyaéta ‘Jepang’. Ngan baé kecap ‘Jepang’ téh teu kapanggih kitu waé, tapi disumputkeun dina kecap ‘tepang’ nu aya dina kalimah eusi. Kecap ‘tepang’ sorana padeukeut jeung sora kecap ‘Jepang’.
Conto nu sejen :
Manila ibukotana,
abdi isin diapilain.

Eusi Sisindiran
Ditilik tina eusina, sisindiran téh kabagi jadi tilu, nyaéta aya anu eusina piwuruk (papatah atawa naséhat), silih asih (cinta), jeung sésébréd (lulucon atawa heureuy).
Geura urang tingali contona:
  1. Piwuruk
Salila milu ka dinya,
Téangan roda padati.
Salila hirup di dunya,
Téangan élmu pangarti.
  1. Silih asih
Silanglang ngojay silanglang,
ngojayna ka Cipaganti.
Kapalang abdi kapalang,
mélaan cinta ka Nyai.
  1. Sésébréd
Ti Cikajang ka Ciamis,
mapay tegal ka Cimindi.
Aya mojang mani geulis,
ngan hanjakal tara mandi.

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

PANUMBU CATUR

KARAKTERISTIK BIOMA DUNIA

PENGETAHUAN DASAR PEMETAAN (PETA)