PAGUNEMAN

Paguneman ka-1

Kang Dadan    :     Damang, Bi?
Bi Téti                :     Pangésto, Dan. Aya hibar. Sawangsulna, kumaha wartosna?
Kang Dadan    :     Alhamdulillah abdi ogé. Nuju naon Bi Téti di dieu?
Bi Téti                :     Numawi nuju ngantosan pun anak. Nembé téh wawartosna mah moal lami, badé milari salédri. Nanging dugi ka ayeuna diantos-antos tacan jebul kénéh baé. Ari Dadan, nuju naon bet los-los ka pasar?
Kang Dadan    :     Nu mawi, sami abdi ogé badé mésér salédri. Itu pun biang, badé ngadamel sayur sop saurna.
Bi Téti                :     Kutan. Atuh punten sakanténan pangmilariankeun pun anak upami teu kaabotan mah. Manawi pendak di tukang salédri, wartoskeun diantos ku Ibi kituh di dieu.
Kang Dadan    :     Atuh urang sareng abdi wé nguriling ka pasar. Ongkoh abdi kirang terang nu mana tuang putra téh?
Bi Téti                :     Ih nyasat atuh ari kitu mah. Apan tadi teu ngiring sareng pun anak ogé hoyong reureuh Ibi téh, da tos ti tatadi balanja. Hayoh wé kukurilingan di pasar.
Dadan               :     Euh, paingan atuh sapertos nu lungsé kitu. Mangga, tuang putra téh ké urang pilari. Saha jenenganana?
Bi Téti                :     Namina Odang. Diacuk konéng, rambutna rada jabrig.
Kang Dadan    :     Insya Alloh dipilari. Mangga atuh Bi, dikantun heula.
Bi Téti                :     Mangga. Nuhun nya, Dan.
Kang Dadan    :     Sawangsulna.

Paguneman ka-2

Mimin      :     Assalamu’alaikum wr. wb.
Sateuacanna sim kuring ngahaturkeun nuhun ka réréncangan anu parantos kersa ngaluuhan ieu sawala. Mugi-mugi ku hadirna sadérék langkung seueur gagasan anu tiasa dikapayunkeun.
Diskusi ayeuna téh badé madungdengkeun pancén pangajaran basa Sunda kanggo kelom-pok urang anu dipasihkeun ku Ibu Guru. Saper-tos kauninga, kelompok urang téh kabagéan nganalisis puisi anu judulna “Aki jeung Balon” yasana Ami Raksanagara. Anu kedah didiskusikeun ku urang sadaya téh nyaéta naon témana, kumaha suasanana, sareng naon amanatna.
Anu kahiji, urang diskusikeun heula témana. Manawi aya ti antara réréncangan anu tos gaduh gambaran, kira-kirana naon téma éta sajak téh?
Dindin      :     Ari numutkeun sim kuring mah, témana téh kahirupan aki-aki tukang balon anu sok diheureuyan ku barudak. Éta aki-aki téh pikaru-nyaeun pisan, tapi barudak téh kalah hayoh wé ngaheureuyan.
Umar        :     Hapunten, naon anu didugikeun ku Didin numutkeun sim kuring mah panjang teuing. Apan kalimah téma mah kedah singget.
Mimin      :     Muhun Din, cing langkung singget.
Dindin      :     Kumaha upami kieu, témana téh nyaéta aki-aki tukang balon nu hirupna pikawatireun.
Susi           :     Ké, Din. Upami teu lepat mah sanés tukang balon Si Aki téh. Da apan di dinya aya kalimah “deudeuh teuing kasép di aki mah henteu aya, niupna gé aki mah geus teu kawasa”. Hartosna Si Aki téh teu kagungan balon. Upami badé ogé Si Aki téh tukang icalan kaulinan barudak.
Umar        :     Tah kitu, leres Susi.
Dindin      :     Muhun nya, hilap!
Mimin      :     Janten urang cindekkeun wé nya, témana téh “aki-aki tukang dagang kaulinan barudak anu hirupna pikawatireun”. Tah, ayeuna cing emutan deui kumaha suasana anu aya dina sajak “Aki jeung Balon” téh?
Umar        :     Numutkeun sim kuring mah pikasebeleun?
Susi           :     Naon anu pikasebeleun téh? Puguh pikawatireun, atanapi pikasediheun.
Umar        :     Éta barudak anu ngaheureuyan aki-aki, pikasebeleun apan. Terang tos sepuh Si Aki téh, kalah hayoh dilejokeun!
Mimin      :     Atuh éta mah teu ngawakilan suasana sajak. Manawi nu sanés aya kamandang?
Dindin      :     Sim kuring sapamadegan sareng Susi, upami teu pikawatireun suasanana téh pikasediheun.
Umar        :     Muhun atos wé duanana. Da kitu kanyataanana.
Mimin      :     Heug urang seratkeun duanana wé nya.

(Dicutat Tina Buku Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PANUMBU CATUR

KARAKTERISTIK BIOMA DUNIA

PENGETAHUAN DASAR PEMETAAN (PETA)