RINGKESAN MATERI BASA SUNDA 1

RINGKESAN MATERI BASA SUNDA
NARJAMAHKEUN JEUNG DONGÉNG

NARJAMAHKEUN

Narjamahkeun téh prosés mindahkeun hiji basa ka basa séjénna, sok disebut alih basa.
Métodeu tarjamahan téh nyaéta :
  1. Tarjamahan interlinéar atawa harfiah: prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung runtuyan kecap dina basa aslina.
  2. Tarjamahan semantis atawa bébas: prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, ukur ngudag maksud nu dikandungna baé.
  3. Tarjamahan saduran atawa adaptasi: prosés narjamahkeun nu lain bébas deui, tapi mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina disaluyukeun kana alam, rasa, jeung suasana nu nyampak dina kahirupan sabudeureun nu narjamahkeunana.
  4. Tarjamahan otomatis: prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah asli kana basa sasaran, contona ngagunakeun google translate.
 Hal-hal nu kudu dititénan dina prak-prakan narjamahkeun nyaéta :
  1. Kudu satia kana téks aslina jeung kudu némbongkeun kajujuran. Teu meunang nambahan atawa ngurangan hal-hal anu penting dina téks aslina.
  2. Perhatikeun kalawan daria sumanget jeung suasana dina téks asli. Sangkan hasil tarjamahan gé luyu rasa jeung gaya basana.
  3. Narjamahkeun téh ulah kaku, tapi kudu ngaguluyur saperti téks aslina.
  4. Hadéna narjamahkeun téh dibarengan ku kamus, pikeun ngagampangkeun urang néangan kecap-kecap nu teu dipikaharti.

DONGÉNG

Dongéng dina basa Sunda boga 5 wanda nyaéta :
  1. Dongéng Fabel
Dongéng anu eusina nyaritakeun papatah, palakuna réréana sasatoan. Contona, “Gagak Hayang jadi Merak”, “Sakadang Peucang jeung Buaya”, “Sakadang Kuya jeung Monyét”, jrrd.
  1. Dongéng Parabel
Dongéng anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan jalma biasa. Contona “Si Kabayan Ngala Nangka”, “Si Kabayan Ngala Tutut”, “Si Kabayan Ngadeupaan Lincar”, jrrd.
  1. Dongéng Sasakala/legenda:
Dongéng anu eusina nyaritakeun asal usul hiji kajadian, tempat, atawa barang. Contona “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu”, “Sasakalah Situ Bagendit”, “Sasakala Situ Paténggang”, jrrd.
  1. Dongéng Mite
Dongéng nu eusina raket jeung kapercayaan masarakat atawa nyaritakeun bangsa lelembut jeung hal gaib. Contona “Nyi Roro Kidul”.
  1. Dongéng Sagé
Dongéng nu nyaritakeun kajadian atawa jelema nu aya patalina jeung sajarah. Contona, “Prabu Siliwangi”, "Dipati Ukur”, “Syeh Kuro”, jrrd.

Ciri-ciri dongéng téh ngandung unsur pamohalan, sumebarna sacara lisan jeung tatalépa, teu apal saha anu ngarangna (anonim), ngagunakeun basa lancaran, jeung umumna caritana parondok.
Struktur carita dina dongéng patali jeung unsur intrinsik, ngawengku :
  1. Téma / Jejer
Téma sok disebut ogé jejer carita atawa inti tina hiji carita.
  1. Palaku
Biasana dina palaku patali jeung ngaran tokoh tur karakter tokoh anu ngalalakon dina éta carita.
  1. Galur
Galur téh runtuyan kajadian anu silih sinambung. Ilaharna galur téh dibagi kana tilu bagian, nyaéta (1) galur maju; (2) galur mobok tengah; (3) galur mundur
  1. Latar
Latar téh kaayaan atawa suasana anu dicaritakeun dina dongéng, ngawengku latar waktu jeung latar tempat.
  1. Amanat
Pesen moral anu dikandung tina hiji carita pikeun dilarapkeun dina kahirupan.

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

PANUMBU CATUR

KARAKTERISTIK BIOMA DUNIA

PENGETAHUAN DASAR PEMETAAN (PETA)