RINGKESAN MATERI BASA SUNDA2

RINGKESAN MATERI BASA SUNDA
LAPORAN KEGIATAN DAN KAWIH

LAPORAN KEGIATAN

Laporan kagiatan téh minangka bukti yén éta kagiatan téh geus lumangsung. Eusina sagala informasi anu patalina jeung kagiatan anu geus lumangsung.
Struktur laporan ngawengku kasang tukang, tujuan kagiatan, tempat kegiatan, pamilon, prosés kagiatan, sarta dipungkas ku hasil kagiatan.

Conto runtuyana laporan kegiatan :
  1. Kasang Tukang
Dina raraga milangkala kamerdékaan Indonesia anu ka-73, Karang Taruna Desa Tumaritis ngayakeun kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan Desa Tumaritis
  1. Tujuan Kagiatan
Ieu kagiatan téh minangka ngareuah-reuah kana milangkala kamedékaan anu ka-73, sarta salasahiji kasempetan pikeun némbongkeun kaparigelan jeung karancagéan sakumna masarakat Désa Tumaritis. Salian ti éta, ieu kagiatan téh pikeun miara tur ngamumulé budaya nu aya di Indonesia.
  1. Tempat Kagiatan
Ieu kagiatan téh dilaksanakeun dina poé Saptu, 19 Agustus 2018. Jam 19.30 WIB nepi ka 22.00 WIB.Tempatna di Aula Désa Tumaritis, Jalan Tumaritis No. 3 Kota Tumaritis.
  1. Pamilon
Ibu-ibu PKK Desa Tumaritis; Barudak Sanggar Tari; Calung Grup Mang Iwa; The Bojeg Longsér Tumaritis; Ibing Penca DésaTumaritis; Réog Grup Mang Mahdi; Rampak Kawih Kampung Lenjong
  1. Prosés Kagiatan
Kagiatan Pagelaran Seni Sunda téh lumangsung sapoé. Ari runtuyan acarana mah dibuka heula ku pamapag ti Kepala Desa. Sabada kagiatan dibuka, kelompok wawakil ti unggal kampung nu aya di Désa Tumaritis téh tatahar pikeun mintonkeun kaparigelanana dina panggung, jeung runtuyan pidangan anu geus disadiakeun
  1. Hasil
Unggal pidangan kelompok téh didokuméntasikeun mangrupa potrét jeung vidéo, anu satuluyna dijieun albeum potrét jeung DVD. Pidangan kelompok wawakil ti unggal kampung téh katangén parigel pisan sarta bisa méré kesan anu hadé ka anu narongton. Émpraksurak ti anu nongton teu eureun-eureun, tepi ka kagiatan pidangan réngsé.

Nyusun laporan kagiatan téh bisa ku cara formal maké struktur, aya ogé anu teu formal maké narasi atawa dicaritakeun.
Nuliskeun laporan kagiatan téh dipilampah upama kagiatan geus réngsé.
Nuliskeun laporan kagiatan téh ngagunakeun basa loma.
KAWIH
Kawih téh béda jeung kakawihan. Sanajan duanana mangrupa lalaguan anu sok dihaleuangkeun, tapi kakawihan mah sok dihaleuangkeun dina kaulinan barudak. Ku sabab kitu, sok disebut ogé kakawihan barudak. Contona baé kakawihan ”Oray-orayan”, ”Cingciripit”, jeung ”Pérépét Jéngkol”.
Lian ti éta aya ogé nu disebut tembang. Ari ceuk Satjadibrata jeung Danadibrata mah, bédana kawih jeung tembang téh lebah mola henteuna kana pupuh. Tembang mah ngahaleuang dumasar kana pola pupuh, misalna dangdanggula, kinanti, asmarandana, sinom, jsté., ari kawih mah ngahaleuang bari teu maké pola pupuh. Jadi, kawih mah leuwih bébas, teu kauger ku hiji patokan.
Contona Kawih ”Bubuy Bulan” téh kawih anu kasohor di tatar Sunda mah atawa populér. Buktina, tepi ka ayeuna réa nu apal tur padamikaresep, padahal kawih ”Bubuy Bulan” téh geus ti baheula aya. Ku sabab kitu, kawih ”Bubuy Bulan” téh ilaharna mah digolongkeun kana kawih klasik, lantaran geus ti baheula aya.
Rumpaka Kawih umumna mangrupa puisi. Bisa puisi sa’ir, puisi sisindiran, atawa puisi bébas. Nu matak dina kawih oge nyampak unsur-unsur puisi, di antarana diwangun ku pada (bait), padalisan(baris/jajaran), purwakanti, jeung gaya basa oge diksi.
ngaanalisis kawih dumasar kana :
  1. Rumpaka kawih téh aya nu diwangun ku puisi sisindiran, sa’ir, atawa puisi bébas,a tawa campuran antara tiluanana.
  2. Diksi anu digunakeun dina rumpaka kawih sakapeung sajalantrahna maké basa nu sok dipaké dina paguneman sapopoé, aya ogé nu maké ungkara liris atawa kekecapanana pinilih.
  3. Rasa ngagambarkeun sikep nu nyiptakeun kawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka. Unggal kawih tangtu bakal ngébréhkeun rasa anu béda. Ieu téh balukar bédana pasualan, kajadian, atawa kaayaan anu disanghareupan ku nu nyipta rumpaka kawih.
  4. Nada nyaéta suasana anu diciptakeun sarta hayang karasa atawa ditepikeun ku anu ngaregepkeun. Upamana suasana sedih, nalangsa, agul, sumanget, rumasa, atawa gumbira.
  5. Amanat nyaéta papatah, naséhat, kereteg, atawa visi anu hayang ditepikeun ka nu ngaregepkeun atawa nu maca.
  6. Téma mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Teu béda ti sajak, dina kawih ogé sok kapanggih téma-téma anu ngébréhkeun masalah sosial, agama, kadeudeuh, atawa kaasih, jeung sajabana.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PANUMBU CATUR

SISINDIRAN

BIANTARA