DONGENG

Dongéng ka-1

Sasakala Situ Bagendit

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawéntar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Ceuk sasakalana mah, éta situ téh asal-muasalna téh kieu.
Baheula, aya hiji randa beunghar ngaranna Nyi Endit. Ari ngaran aslina mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida kumedna. Tatanggana geus arapal deui kana sipatna.
Salian ti bujang atawa babuna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasaan hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan nu upluk-aplak. Maksudna, taya lian ku bawaning embung pacampur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, ti ditu ti dieu ceuyah nu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa anu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, Nyi Endit hajat sukuran. Manéhna ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna ku sorangan, teu aya nu mantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan tuluy diondang ngariung tumpeng. Nu ngariung téh nepi ka ngaratus. Tapi tumpeng nu disadiakeun teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus ledis, bari tingkarétap kénéh.
Keur balakécrakan, jol aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditanya. Nya pok aki-aki téh nyarita yén manéhna téh lapar pisan, sugan pribumi bisa méré dahareun. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, pajarkeun téh euweuh kaéra, teu ngahutang gawé, kalah ménta. Tungtungna aki-aki bongkok téh diusir, dititah nyingkah.
Aki-aki indit bari jumarigjeug. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Masing inget, sakabéh kalakuan téh boh nu hadé boh nu goréng, bakal aya wawalesna!”
Saterusna nu dalahar amitan rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rugreg ngararandeg, sabab aya nu tingjorowok, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan ti mana datangna cai, ngan léb baé ngeueum pakarangan imah Nyi Endit. Jalma-jalma bubar katawuran teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkahan cai, tapi barang ka luar pisan ti imahna, cai téh lir ombak laut ngagulung awakna. Imahna ogé kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh sasambat ménta tulung. Tapi, euweuh nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Ngemplang jadi situ, ngeueum Nyi Endit jeung sakabéh pakayana.
(Dicutat tina Buku Makaya Basa karya Yayat Sudaryat, Spk. 2007)

Dongéng ka-2

Paménta Tilu Rupa

Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh.
Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.
Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabinabina, jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, dibekelanana téh ngan sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu anu ngareunah.
Mun geus usum panén, nu ngangon téh dibéré paré buruhanana téa. Tapi paréna téh dipilihan anu gambrang pisan. Atuh barang dijual téh hargana teu sakumaha.
Teu mahi pikeun meuli baju-baju acan. Munasabah baé mun tukang angon téh papakéanan geus rubat-rabét, siga nu gélo baé.
Sakali mangsa éta tukang ngaon téh gering nepi ka teu bisa ngangon. Tapi, ku dununganana téh teu diurus.
Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana ménta kadaharan. Tapi batan méré mah dununganana kalah nyarékan. Majar téh, “Can digawé geus hayang ménta dahar!”
Antukna éta tukang ngangon téh musapir. Manéhna prihatin liwat saking sarta ngenes di jero haténa. Beurang peuting manéhna neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang hakaneun teu kurang pakéeun. Ku tina nyeri haté, manéhna tuluy miceun manéh ka leuweung, teu dahar teu nginum.
Barang geus meunang sababaraha poé manéhna kasaréan ti beurang, handapeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu tilu siki. Kawas muncang, baruleud, sarta laleucir. Teu kira-kira manéhna kagéteunana.
“Na saha anu neundeun ieu batu téh, da tadi mah euweuh?” pokna.
Sabot kitu kadéngé aya sora euweuh rupa, “Ujang, ku sabab manéh sakitu prihatinna, ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh meunang ménta tilu rupa. Pék rék ménta naon baé ogé. Dina sakali ménta éta batu kudu dialungkeun hiji!”
Tukang ngangon liwat saking atoheunana. “Nuhun Gusti, nuhun!” pokna bari nyembah-nyembah.
Ti dinya tukang angon tuluy balik ka lemburna. Sajajalan teu weléh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk gerentes haténa, “Kahiji aing rék ménta beunghar. Kadua rék ménta jadi raja.
Lantaran beunghar ogé ari teu agung mah tara dihargaan. Katiluna aing rék ménta loba anak, sangkan bisa nuluykeun raja jeung kabeungharanana.”
Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli.
Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér.
Tukang angon gogoléran ceurik, awahing ku gila nénjo awak sorangan. Handeueuleun deuih, pédah paméntana anu kahiji geus mubadir. Barang geus leler, manéhna mikir deui. Ceuk gerentesna, “Ah
keun baé henteu tulus jadi raja ogé, henteu boga anak loba ogé, asal jadi beunghar wé. Tapi ceuli nu matak pikagilaeun téh kudu leungit heula!”
Keleweng manéhna ngalungkeun deui batu anu kadua, sarta ménta sangkan ceuli anu rimbil dina awakna leungit kabéh. Les baé ceuli téh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tukang angon kacida
bungaheunana sarta niatna rék ati-ati pisan dina nepikeun paménta anu katilu.
Tapi ras manéhna inget kana ceulina anu dua. Ari dicabak, bet milu leungit. Puguh baé kagéteunana tukang angon. Atuh ngan hing deui baé manéhna ceurik. Leuwih nyeri batan anu tadi, sabab paméntana ngan kari hiji deui.
“Kumaha ayeuna aing? Lamun ménta beunghar meureun aing jadi jalma tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun ménta didatangkeun deui ceuli, aing meureun angger malarat.”
Sanggeus bingung mikiran nasib, bet datang ilham tina pikirna anu beresih. “Leuwih hadé aing ménta didatangkeun deui dua ceuli anu asal, da ceuk kolot ogé apan awak anu walagri, sehat bari jagjag waringkas, leuwih utama batan kakayaan. Sarta saéstuna jalma anu beunghar téh nyaéta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna.
Kawas aing, da geus milikna jadi jalma malarat, euweuh sisit beunghar, nya rék ditarimakeun baé. Hanas éta teu boga dahareun, pakéeun, nya rék ihtiar baé, da awak lengkep kénéh, tanaga gedé. Mending néangan baé dunungan anu bageur!” pokna.
(Dicutat tina buku Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PANUMBU CATUR

KARAKTERISTIK BIOMA DUNIA

PENGETAHUAN DASAR PEMETAAN (PETA)