CARPON 1

CARITA PONDOK
Carita pondok nya eta sok disingget carpon. Asalna éta istilah téh tina basa Inggris, short story. Dina basa Indonésia disebut cerita péndék. arita pondok sok disingget carpon. Asalna éta istilah téh tina basa Inggris, short story. Dina basa Indonésia disebut cerita péndék.
Di handap ieu mangrupa sababarah hiji carita pondok :
  1. Tukang Ngala Suluh
Aya urang gunung imahna di sisi leuweung, nu hiji ngaranna Asik anu hiji deui Sariman. Ari pagaweanana ngajualan suluh ka pasar, beunang ngala ti leuweung eta. Tapi ngalaanana teh ngan disisi-sisina bae, da kajero mah teu kadarugaeun, tina leuweung gelendengan loba sato galakna. Ari imahna teh teuing ku leutik jeung geus buruk deui, hateup eurih geus tarembong langit.
Pakasabanana ngala suluh tea, tiap mahi kana hakan teh saenyana, nyengeut damar oge endap-endapan. Puguh ngarasa ripuhan mah, tapi teu bisa ganti usaha sabab ngan sakitu anu timu, henteu bisa pindah cabak, kana kieu kana kitu teh teu kauntup bae, malah eta oge, kana ngala suluh sakintanan neruskeun pagawean kolotna.
Dina hiji mangsa waktu sareupna, Ki Asik jeung Ki Sariman keur ngawarangkong, dariuk dina ranjang awi, minangka tepas imah, nyaritakeun dagang suluh poe eta didayeuh mehmehan teu payu, laku-laku geus asar ahir, ari peta ditunggu ku hawu.
Ditempas ku Ki Sariman bari humandeuar :
“Ah euy dewek mah geus bingung bae ku pikalakueun. Eta ripuhna teh ari geus deui hujan jeung suluh tacan payu, sakapeung mani ribug kahujanan jeung peurih peujit deui, ari peh teh suluh euweuh nu nawar-nawar acan, komo ari ras ka nu di imah, barudak ngadaragoan, beak bae eta mah didinya!”
Keur kitu ehm, ceunah ayanu ngadehem di pipir, ari jol teh aki-aki leumpangna dongko kundong iteuk, tuluy nyampeurkeun ka anu ngawarangkong teh. Ki Sariman jeung Ki Asik kacida karageteunana, tuluy eta aki-aki teh dicalikeun, tapi teu kungsi lila diuk, ngan pok bae milu ngomong: “Ari ngala suluh ulah disisi leuweung bae, kudu daek kajerona, geura mah loba anu alus”. Ari geus ngomong kitu teh tuluy bae leumpang teu kanyahoan kamana terusna. (Karlina Pujiyanti)
  1. Liburan
Diliburan sakola kamari, abdi sakulawargi angkat liburan ka Pantai Pangandaran nu aya di Ciamis, Jawa Barat, saking atohna, abdi tos nyiapkeun sagala rupa persiapanna ti wengi keneh. Sapertos acuk, kamera, tuangeun sareng nu lainna.
Abdi sakulawargi angkat nganggo mobil ti Banjar kurang leuwih tabuh 5 subuh, supados teu keuna macet sareng tereh dugi ka tempat tujuan. Saatos sababaraha jam, akhirna abdi dugi oge ka Pantai Pangandaran kirang leuwih tabuh 8 enjing, abdi sakulawargi langsung ngampar samak di pasisir pantai siap-siap nyiapkeun kanggo tuang.
Sarengse tuang, abdi sareng kulawargi langusng ka sisi pantai, babaraseuhan ngoprek cai sareng pasir sabari ningalikeun kaendahan Pantai Pangandaran. (Cici Royani) 
Nyambung ka Tema Carpon 2 ......

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PANUMBU CATUR

KARAKTERISTIK BIOMA DUNIA

PENGETAHUAN DASAR PEMETAAN (PETA)