BABAD SUNDA
BABAD SUNDA
Babad atawa
Sajarah Sunda nya eta carita anu patali jeung hiji patempatan atawa ilaharna
mah karajaan nu dipercaya minangka sejarah nu aya patalina jeung pangaruh Jawa.
Babad Sunda
diantarana nya eta :
a. Kean Santang
Kean Santang teh putra Prabu Siliwangi anu
katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji oge
jalma anu bisa nandingan kasaktenna.
Dina hiji waktu Kean Santang ngadeuheus karamana,
unjukkan yen dirina hayang ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu jajaten,
tapi teu aya nu bisa nandingan.
Ngadangu kasauran putrana kitu, Prabu Siliwangi
geuwat bae nyauran Para Ahli nujum karajaan menta bongbolongan, sugan aya jalma
anu bisa nandingan kasakten kean Santang.
Ditanya kitu, para ahli nujum teh kabehanana ngabigeu
teu aya nu nembal. Ngan teu lila ujug-ujug aya aki-aki anu nyampeurkeun ka
kanjeng Prabu.
“Kanjeng prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma
anu bisa nandingan kasakten tuang putra. Jauh pisan eta jalma teh, ayana di
Nagri Mekah, ngaranna Bagenda Ali.”
“Saha kira-kirana anu bakal unggul lamun anak
kaula tarung jeung Bagenda Ali?” Kanjeng Prabu malik nanya.
Aneh pisan, samemeh ngajawab eta aki-aki teh geus
ngaleungit, duka kamana ngilesna.
Ti harita Kean Santang teu geunah cicing, hayang
geura gok patepung jeung jalma nu ngaran Bagenda Ali. Hiji waktu Kean Santang
pamitan ka ramana beja miang ka Nagri Mekah arek nepangan Bagenda Ali. Sanggeus
diwidian ku ramana. Gajlig bae anjeunna angkat ti Pajajaran.
Barang nepi ka Nagri Mekah, Kean Santang patepung
jeung hiji aki-aki anu ngiuhan handapeun tangkal korma, Kean Santang menta
dituduhkeun dimana ayana Bagenda Ali. Aki-aki eta ngajawab:”Hayu tuturkeun
aki!”, Kean Santang nuturkeun tapi nembe sababaraha lengkah aki-aki teh pok
nyarita: “Aeh iteuk aki tinggaleun, cik geura pangnyandakeun Ujang!”
Nalika Kean Santang bade nyabut eta iteuk, iteuk
teh meni liat, teras Kean Santang nganggo ajian-ajian, angger bae eta iteuk teh
tambah pageuh lain malah iteukna nu kacabut tapi malah ngagebros. Teras Kean
Santang sadar yen eta aki-aki teh Baginda Ali. Saterusna Kean Santang lebet
Islam sarang diajarna ka Bagenda Ali.
b. Tasikmalaya
Nurutkeun tina prasasti Geger Hanjuang nu
kapanggih di Suku Gunung Galunggung, poe jadi Kota Tasikmalaya teh tanggal 21
Agustus taun 1111 Masehi.
Dina abad ka-8 nepi ka abad 12 di Tasikmalaya teh
aya pamarentahan dina wangun kabataraan, pusat pamarentahanana di Tawang atawa
Galunggung. Anu kungsi jadi batara waktos harita teh nya eta, Sang Batara
Sempak Waja, Batara Kuncung Putih, Batara Kawindu, Wastu Hayu, Hyang Ratu Galunggung.
Pamarentahan kabataraan robah jadi Karajaan
Galunggung. Nu jadi Rajana nya eta Batari Hyang Galunggung, Rakean Dermasiksa,
Ratu Saunggalah Prabu Ragasuci, Sang Lumahing Taman, Ratu Galung Sakti, Ratu
Sembah Golek, Ratu Panyongsongan, Sang Lumahing Gunung Raja.
Saterusna dina abad ka-15 nepi ka abad 16,
pamarentahan di Tasikmalaya teh mangrupa bagian tina Karajaan Pajajaran. Pusat
pamarentahanana di Sukakerta. Raja-rajana nu kungsi marentah diantawisna nya
eta :
·
Sri Gading
Antek, Dalem
·
Sukakerta
atawa Dalem
·
Barayuda, atawa
Lembujaya
·
Dalem Santawaon, Entol
·
Wiraha, jeung Wirawangsa
Dina mangsa panjajaha Walanda, kurang leuwih taun 1641, ngadeg pamarentahan
Kabupaten Sukapura. Ibu kotana di Leuwiloa. Nu marentah pangheulana nya eta Bupati
Ki Ngabehi Wirawangsa. Nu diteruskeun ku J. Manggala, Anggadipa, Subamanggala,
Sacapati, Jaya Anggadireja, Jaya Manggala II, Anggadipa II, R.T. Suryalag
Anggadipa II.
Ibukota Kabupaten Sukapura kungsi ngalaman pindah ti Leuwiloa ka Empang
Sukaraja, saterusna pindah ka Manonjaya. Dina tanggal 1 Oktober 1901 ibukota
kabupaten Sukapura di Manonjaya pindah ka Tasikmalaya.
Sanggeus di Tasikmalaya, ngaran kabupaten Sulapura diganti jadi Kabupaten
Tasikmalaya nepi ka ayeuna.
Kiwari Kabupaten Tasikmalaya dibagi dua, nya eta pamarentahan Kabupaten
Tasikmalaya jeung Kota Tasikmlaya. Kabupaten mah dipimpin ku bupati, sedengkeun
kota mah dipimpin ku walikota.
c. Paninggalan Karajaan Salakanagara
Karajaan ieu diwangun dibasisir teluk lada
(wewengkon Kabupaten Pandeglang, Banten). Raja munggaranana nya eta Dewa Warman
nu gelarna Prabu Darmako Kapala Dewa Warman Naji Rakyat Cipura Sagara nu
marentah nepi ka 168 M.
Salakanagara (atawa Raja Tapura) asalna tina
kecap salaka jeung nagara salaka hartina perak sedengkeun nagara hartina kota,
ku kituna kota eta teh bisa dihartikeun Kota Perak, lokasi karajaan
diperkirakeun aya di teluk lada kiwari kota Pandeglang, hiji kota nu kawentar
ku karajinan logamna.
sang aki luhur, mulya. Ngaran ieu kota teh Pulasari.
Aki Tirem nikahkeun putrana nu namina Pohaci Larasati ka Dewa Warman. Dewa Warman
nya eta pangeran nu asalna ti Palawa di India Kidul. Dina sajarah Betawi oge
aya carita nu ngeunaan Karajaan Salakanagara tapi rada beda lokasina. Numutkeun
babad Betawi mah kota perak ieu henteu di basisir tapi deukeut gunung nya eta
Gunung Salak.
Eta di
luhur teh sabagian tina babad Sunda, tangtu pasti aya babad Sunda nu sejenna nu
katelah di wewengkon Sunda.
Komentar
Posting Komentar